Midua Cinta

Emut baheula ngawitan tepang
anjeun anu sakitu deudeuhna
meusmeus nyebut cinta
meusmeus nyebut nyaah
dugi ka abdi sumerah diri

Teu lami urang ngarumah tangga
naha atuh ayeuna bet beda
kawas kila kila
hayang nu kadua
dugi ka sirna rasa kacinta

Abdi teu nyangka akang rek tega
gening buktina midua cinta
dugi ka teu aya ras rasanana
ninggalkeun buah kacinta

Abdi teu cangka akang rek tega
gening buktina midua cinta
dugi ka teu aya ras rasanana
ninggalkeun buah kacinta

Tidak ada komentar: