Dalingding Asih

Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalangkang, ngalangkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang

Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalangkang, ngalangkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang

Basa kuring arek miang,
Anjeun jajap ngahaleuang,
lawung patarema gandung,
Geter rasa cumarita
Duh kudu paanggang

Dalingding asih jatining asih
Jadi angkeuhan urang duaan
Di pengkolan urang pisah
Ret katukang sumoreang duh…

Dalingding, ngageuri diri
Sorana kantun harewos
Hawar-hawar ngajauhan
Teuteup geugeut jeung gugupay
Duh… tembong deui gupay deui

Cipt. Ubun K

Tidak ada komentar: