Papatong

Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng eunteupna regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan

Sore menggok ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
Ngalayang ngawahan arek pamitan
Poma tong ka jongjonan


Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa


Tidak ada komentar: