Ngalamun

Waktu peuting pareng caang bulan
abdi anteng ngumbarkeun lamunan
ngantosan nu lawas henteu mulang
ka panutan nu di medan perang

Duh engkang panutan nu sajati
naha engkang tos hilap ka abdi
siang wengi abdi nganti-nganti
na iraha pasini ngajadi

Teu kendat-kendat abdi mumuntang
ka Pangeran anu murbeng alam
supados kenging panangtayungan
mugi engkang aya kaunggulan

Mun pareng urang patepang deui
kumpul ngariung sakadang wargi
kacida bungahna hate abdi
muji syukur ka Ilahi Robbi

7 komentar:

SC mengatakan...

keren sob
izin copy ya :)

Unknown mengatakan...

Sae pisan euy

Unknown mengatakan...

Song ngalimba abdi mah pami ngadangu lagu ieu teh

Unknown mengatakan...

Ahh moal gagal iye lagu kalem pisan

Unknown mengatakan...

Hatur nuhun pangersa

Unknown mengatakan...

Terjemahan liriknya dong please 🙏🙏

Anonim mengatakan...

Mantap