Kumaha Didinya

Arek baeud kumaha dinya
Arek seuri kumaha dinya
Arek manyun kumaha dinya
Jebleh oge kumaha didinya

Kuring moal arek maksa
Supaya anjeun percaya
Kuring moal arek maksa
Sangkan anjeun tetep cinta

Kulantaran ari cinta
Teu kudu dipaksa-paksa
Diguratkeun ti dituna
Dina kaikhlasan rasa

Arek panjang kumaha dinya
Arek pondok kumaha dinya
Arek terus kumaha dinya
Rek putus kumaha didinya
(Ah piraku neng, heuheu)

Tidak ada komentar: