Beja ti Jurig

Budak lalaki kasep umur satepak
Ka dokter spesialis kulit jeung duraring
Araraneh aya naon ku araraneh
 
Budak awewe geulis umur satepak
Sore-sore ngantri di dokter kandungan
Araraneh aya naon ku araraneh

Ceuk beja ti jurig eta budak lalaki teh
Kasogot parabot bati ulin peuting
Ceuk beja ti jurig eta budak awewe teh
Bareuh padaharan bati ulin peuting

Nu matak barudak ulah osok ulin peuting
Sabab peuting loba jurig nyiliwuri
Bisi tibeleset tuluy dikekesed
Malahan bisa pareum digegel virus


Budak lalaki kasep umur satepak
Ka dokter spesialis kulit jeung duraring
Araraneh aya naon ku araraneh

 

Budak awewe geulis umur satepak
Sore-sore ngantri di dokter kandungan
Araraneh aya naon ku araraneh

Ceuk beja ti jurig eta budak lalaki teh
Kasogot parabot bati ulin peuting

Ceuk beja ti jurig eta budak awewe teh
Bareuh padaharan bongan ulin peuting


Nu matak barudak ulah osok ulin peuting
Sabab peuting loba ubrut nyiliwuri
Bisi tibeleset tuluy dikekesed
Malahan bisa paeh digegel virus

Tidak ada komentar: