Talaga Reumis

Talaga reumis
Talaga nu jadi saksi
Waktos urang paheut janji
Pasini pakait ati
Pasimpay rasa satia
Duh bagja saksina Talaga Reumis

Talaga reumis
Talaga endah romantis
Tempat urang ngumbar asih
Ngamprokkeun rasa kasono
Nyacapkeun rasa katresna
Duh endah di sisi Talaga Reumis

Di sisi Talaga Reumis
Cinta mekar karembangan
Di sisi talaga reumis
Carita pinuh mamanis
Di sisi talaga reumis
Asih nyanding kabagjaan
Di sisi talaga reumis
Nyipta rasa nu romantis

Urang anteng... paduduaan
Mancing rasa... asih kaheman
Puseurna… useup kageugeut
Gupayna... geleng kadeudeuh
Nganggo jeujeur.... pangharepan
Ngantos geterna kukumbul kalbu
Surser rasa kasambut cinta
Pinanggih bagja di talaga

Urang anteng... paduduaan
Ngahaleuang... tembang kasmaran
Ngahariring...ririh kaheman
Ngagalindeng..lagam katineung
Lirih asih... pamatri ati
Tembang tresna panyimpay rasa
Lagu syahdu mepende kalbu
Ngahudang cinta di talaga

10 komentar:

Kakang prabu mengatakan...

Syair yg bikin hati berdesir

Unknown mengatakan...

Nyeblak.. jadi hoyong rujak bebek

Unknown mengatakan...

Ngadadak hyong jadi panganten deui duhhh

Unknown mengatakan...

Muhun leres pisan

Unknown mengatakan...

balaluas

Unknown mengatakan...

Top lah lagu na><

Unknown mengatakan...

Sabari ngantosan raat hujan

Anonim mengatakan...

Sok hayang numpakan anjeuna

Anonim mengatakan...

Duhhh kagagas ieu lagu

Anonim mengatakan...

Mantap cuaca lagi mendung