Punclut

Dikalereun kota Bandung .
Aya tempat nu endah tur tumaninah.
Desa leutik rareusik
Camperenik menarik.
Pangjugjugan kulawarga sukan-sukan.

Jalan nanjak pungkal-pengkol .
Pamandangan nu endah tur matak betah.
Sajajalan nudagang ngajalajar naratay.
Landong cape murak timbel bari balakecrakan

Reff.
Punclut tempat sukan-sukan .
Di Punclut tuang balakecrakan.
Sangu timbel ditumpangan pais peda (raos).
Lalab atah dicoel na sambel ledok (pedo).
Matak poho nutuang sok beuki ponyo.
Katagihan unggal minggu jadi langganan

Tidak ada komentar: