Awewe Sapi Daging

Aya awewe jaman ayeuna
Ngaku awewe modern
Berkarier penuh obsesi
Sagala hayang siga lalaki
 
Ceunah emansipasi
Bari uteukna teu ngarti
Bisnis beurang peuting
Bisnis naon duka teh teuing
 
Salakina di imah ngajaga tulak panto
Anak diasuh cukup ku suster jeung babu
Hayang mobil mewah ngabelaan jadi runtah
Ngarepkeun ti salaki ceunah mah teu cukup wae
Emas berlian renceum ngaku bati tina bisnis
Padahal mah hadiah ti rupa-rupa bayawak
 
Awewe nu kieu lain awewe modern
Tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
Nganut emansipasi kaluar tina aturan
Montong ngawalan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad

Tidak ada komentar: