Lembur Kakasih

tuh, pengkolan anu bras ka jalan gede nu mawa guligah hate
tuh, cirina tangkal anu ngarandakah nu linduh tempat bumetah
tuh, lemburna kahalang sawah jeung pasir nu mawa seredet geter
tuh, walungan nu bersih herang caina sawening rasa cintana

didinya gelarna cinta munggaran
didinya harepan mekar kembangan
endah panineungan teu kasilih pedah pisah
tumapel teu ilang-ilang nembongan satiap waktu

duriat mancang
kakangen manteng
lembur teh lemah kakasih pangancikan pangbalikan
welas hate wening bersih

1 komentar:

Unknown mengatakan...

Asa ku raos ngadangu lagu ieu...emut ka lembur srg ka akang...😁