Tampilkan postingan dengan label Kustian. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Kustian. Tampilkan semua postingan

Marake HP

Lain dongeng lain beja
ngawabah jama ayeuna
sanes ukur mahasiswa
budak SD ge marake HP

cing ciringing tulat tulit
pesan ditul nyewa musik
suarana rupa-rupa
ka sakola ge marawa hape

Mun hayang ngobrol jeung babaturanna
cukup halo-haloan
Mun mere beja ka babaturanna
cukup ngirim sms-an

Mun seuk rek nyarios jeung indung bapana
lewat teteleponan
mun seep pulsa kontek indung bapana
koling, miskol miskolan
gara-gara. marakeHP

Budak Jalanan

Ceuk batur mah kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana

Mun panas
Kapanasan

Mun hujan
Kahujanan
Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan

Timana  timana atuh timana
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha…kumaha.. atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna..