Tampilkan postingan dengan label Doel Sumbang. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Doel Sumbang. Tampilkan semua postingan

Haram Jadol

Kamari
malam Minggu tanggal hiji
hayang lalajo India
di bioskop puseur kota

dipareng
papanggih jeung popotongan
beuki geulis beuki mencrang
hanjakal beuteung eusian

ngadadak
hayang neke hayang najong
nempo beungeut salakina
ani siga siki korma

untungna
basa rek indit lalajo
pikiran henteu keur ngaco
henteu nginum heula AO

otak lieur sirah panas
ningali kitu hate asa kahewos
jadi nepsong hayang nyiar bikang
susuganan aya anu lelengohan

meunang pisan, jangkung badag
beungeut geulis leumpang ngagegak
hanas kuring geus ngarayu bebeakan
haram jadol geuning aya kalecian

Kumaha

Nah… hanjakal pisan
Basa anjeun datang
Kuring geus duaan

Mun seug lelengohan
Moal mikir panjang
Sadia marengan

Duh… enyaan…
silih pikasono
silih pikadeudeuh
silih pikanyaah

Kumaha…
Nya kudu kumaha
Da kuring ayeuna
Geus aya nu boga

Hampura…
Nya kuring hampura
Najan dikumaha
Moal rek ngadua

Lalaki

Lalaki teu beda jeung ucing garong
teu kaop ningali lauk
teu di mana teu nu saha
hayang ngalegleg wae

Lalaki teu beda jeung anjing kampung
dibere roti jeung susu
diluar ningali tulang
hayang ngalamot wae

Sanajan boga kabogoh
siga ratu kecantikan
ti luar nempo nu jebleh
mun teu nyoba panasaran

Lamun nyiar pamajikan
hayangna anu parawan
bari manehna sorangan
urut entog urut hayam

Lalaki.. lalaki.. anjing kampung
Lalaki.. lalaki.. ucing garong
Lalaki.. lalaki.. oray kadut
Lalaki.. lalaki.. careuh bulan
Lalaki.. lalaki.. buaya lapar
Lalaki.. lalaki.. meong congkok
Lalaki.. lalaki.. kadal menteng
Lalaki.. lalaki.. super wadul

Talaga Warna

Januari langit bengras
pasosore bada ashar
keur meujeuhna layung di langit koneng
endahna talaga warna

Cai anteng taya polah
na parahu dina randu
sempal guyon urang duaan
di tengah talaga warna

Handeuleum beureum
kucubung bodas ku karembangan
lalajo urang anu keur anteng duaan
di tengah talaga warna

(Talaga warna) karasa endahna cinta
(Talaga warna) ngabedag sagala rasa
(Talaga warna) nyata ti saprak harita
jangji miara rasa katresna nepi ka jaga


Bulan Batu Hiu

Bulan nu ngagantung
di langit Batu Hiu
tinggal sapasi
sesa purnama kamari

Urang duaan
anteng sosonoan
suka bungah
sagala rasa dibedah

Bulan nu ngagantung
di langit Batu Hiu
tinggal sapasi
sesa purnama kamari

Ikrar janji
sahidup samati
moal hianat
insya Allah moal pegat

Dina ruang hate
nu aya ukur salira
dina ruang hate
pasti ngan ukur salira

Bulan di langit Batu Hiu
Sesa purnama kamari
bulan sapeupeuting nyaksi
nya pangrusiah moal betus pasti


Jayagiri

Munggaran tepang di pudunan Jayagiri
rindag socana seseleket kana ati
Antukna kenal di tanjakan Jayagiri
anteng di tungtun rasa ku alim dikantun

Munggaran patepang langit bengras caang
dina hate ligar jutaan kembang
Arek kumadatang abong-abong tresna
lamun bakal teu nyaho di mangsa

Ngan kuring hariwang alah balang siang
sieun kuring anu ambon sorangan
rasa dina hate boa-boa engke
dibales ku hare-hare

Sukur-sukur gening jauh ti panyana
nya kabukti nepikeun ka kiwari
manehna satia mawa cinta nu sajati


Beja ti Jurig

Budak lalaki kasep umur satepak
Ka dokter spesialis kulit jeung duraring
Araraneh aya naon ku araraneh
 
Budak awewe geulis umur satepak
Sore-sore ngantri di dokter kandungan
Araraneh aya naon ku araraneh

Ceuk beja ti jurig eta budak lalaki teh
Kasogot parabot bati ulin peuting
Ceuk beja ti jurig eta budak awewe teh
Bareuh padaharan bati ulin peuting

Nu matak barudak ulah osok ulin peuting
Sabab peuting loba jurig nyiliwuri
Bisi tibeleset tuluy dikekesed
Malahan bisa pareum digegel virus


Budak lalaki kasep umur satepak
Ka dokter spesialis kulit jeung duraring
Araraneh aya naon ku araraneh

 

Budak awewe geulis umur satepak
Sore-sore ngantri di dokter kandungan
Araraneh aya naon ku araraneh

Ceuk beja ti jurig eta budak lalaki teh
Kasogot parabot bati ulin peuting

Ceuk beja ti jurig eta budak awewe teh
Bareuh padaharan bongan ulin peuting


Nu matak barudak ulah osok ulin peuting
Sabab peuting loba ubrut nyiliwuri
Bisi tibeleset tuluy dikekesed
Malahan bisa paeh digegel virus

Ema (Edanna Manusa)

Ema...
Keur naon silaing Ema
Eta sirah gudag gideug
Make kacapanon hideung

Ema....
Geura balik silaing Ema
Hayam jalu geus kongkorongok
Panon poe tereh bijil

Ema...
Na keur naon silain triping Ema
Pan geus puguh gara-gara triping Ema
Hirup silaing jadi pakusut

Mimiti harga diri
Nepi ka kahormatan
Di morah mareh ngabelaan ekstasi

Mimiti harga diri
Nepi ka kahormatan
Ludes teu nyesa dituker ku ekstasi

Ema...
Sing nyaah ka diri sorangan Ema
Ema....
Sing karunya ka indung bapa

Bandung

Ari imut-imut Bandung
Kota diriung ku gunung
Dikantun montel katineung
Paanggang muntang kamelang

Ari layung-layung Bandung
Kahibaran seneu gunung
Mangsa tandang makalangan
Najeurkeun kamerdekaan

Ari duyun-duyun Bandung
Dibelaan heurin ku tangtung
Bongan dilak-dilak bentang
marakbak lampu baranang

Ari pamor-pamor Bandung
Nembus wates gunung-gunung
Sumirat maratan jagat
Katelah kota sahabat

Bandung dilingkung gunung
Bandung sumirat maratan jagat

Duriat Madinah

Waktu urang patepung deudeuh
Layung koneng mayungan masjid nabawi
Dikersakeun bada maghrib urang wanoh
Nu jadi saksina madinah al munnawaroh

Ku kersaning nu maha suci
Pa amprok di dinana tawaf jeung sa’i
Teu ras pada mengtangtu kadi multajam
Mihareup duaan deukeut silih pikaheman

Duriat Ka ajeun jeung ka tanah suci
Duriat nu gumuruh dina ati
Duriat ka anjeun jeung ka tanah suci
Duriat nu ngaguruh dina ati

Reff:
Rukun yamman hajar aswad
Hijir ismail jeung anjeun
Ngawakun rasa kasono moal bosen moal poho
Geuning aya ridho gusti
Ayeuna urang ngajadi
Hoyongna patilas deui jaga mun ibadah haji

Sumedang

Kota leutik camperenik
Najan leutik tapi resik
Ngaliwat Cadas Pangeran
Mmmh, kota Sumedang

Dipapaes ku Cipeles
Tampomas nu matak waas
Cimalaka pamandian
Ngagenyas caina herang

Jajaka sareng nyi mojang
Indit mawa sari asih
Nyacapkeun rasa katineung
Cimalaka jadi jugjugan

Caang bulan opat welas
Caang mabray cahayana
Nambah endah katinggalna
Kota Sumedang

Pabaliut

Kuring bogoh ka Entin
Entin bogoh ka Rustam
Rustam bogoh ka Oneng
Oneng bogoh ka Darman

Darman bogoh ka Acah
Acah bogoh ka Unang
Unang bogoh ka Edoh
Edoh bogoh ka Dayat

Dirasa-rasa
Beuki karasa
Dipikir-pikir
Beuki kapikir
Bumi alam bumi alam asa nguir
Mikiran cinta jadi panas gulicir

Dirasa-rasa
Beuki karasa
Dipikir-pikir
Beuki kapikir
Nu dicinta balik nu di jiga bacir
Tungtungna mah aral bulu irung we

Dayat bogoh ka Mumun
Mumun bogoh ka Edeng
Edeng bogoh Ecin
Ecin bogoh ka Oyo

Oyo bogoh ka Epon
Epon bogoh ka Kurdi
Kurdi bogoh ka Embe
Embe bogoh ka Kuring

Urang Sunda

Urang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda urang mana
Urang sunda anjeun saha

Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa

Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit

Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

Jol

Jol anjeun datang deui
Sanggeus sabaraha kali
Ngahianat
Nganyeyeri
Torojol jol
Anjeun datang deui

Jol anjeun datang deui
Ku anehna kuring bet lengle
Hararese
Nutup hate
Torojol jol jol
Anjeun datang deui

Ku kuring ditutup ku anjeun dibuka
Tutup buka rusak engselna
Ku kuring ditutup ku anjeun dibuka
Tutup buka leungit koncina
Ku kuring ditutup ku anjen dibuka
Tutup buka lesot tolakna
Ku kuring ditutup ku anjen dibuka
Tungtungna mah panto muka salina

Jol anjeun datang deui
Kungsi ngahianat kungsi
Kuring lengle eleh deui
Daek deui poho kana kanyeri

Jurig

Nepangkeun nami abdi jurig
Padamelan ngaheureuyan
Dugikeun ka nyilakakeun
Teu dikampung teu dikota
Pokona dimana-mana

Nepangkeun nami abdi jurig
Rerencangan jalmi ageung
Sobat alit konglomerat
Sareng pajabat nu bangsat
Nu sok nipu rakyat

Abdi resep bergaul sareng aranjeunna
Teu seueur carios nu penting seueur artos
Halal haram tara janten pasualan
Nu penting makmur wareg beuteung wareug bujur

Nepangkeun nami abdi jurig
Upami salira kabita
Palay ngajago di dunya
Kedah siga aranjeuna
Halalkeun sagala cara
Akherat mah kumaha jaga

Awewe Sapi Daging

Aya awewe jaman ayeuna
Ngaku awewe modern
Berkarier penuh obsesi
Sagala hayang siga lalaki
 
Ceunah emansipasi
Bari uteukna teu ngarti
Bisnis beurang peuting
Bisnis naon duka teh teuing
 
Salakina di imah ngajaga tulak panto
Anak diasuh cukup ku suster jeung babu
Hayang mobil mewah ngabelaan jadi runtah
Ngarepkeun ti salaki ceunah mah teu cukup wae
Emas berlian renceum ngaku bati tina bisnis
Padahal mah hadiah ti rupa-rupa bayawak
 
Awewe nu kieu lain awewe modern
Tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
Nganut emansipasi kaluar tina aturan
Montong ngawalan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad