Tampilkan postingan dengan label Yayan Jatnika. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Yayan Jatnika. Tampilkan semua postingan

Dewi Mandalawangi

Dewi Mandalawangi
Geulisna kawanti-wanti
Pami anjeuna kaluar ti bumi
Pangpangna kaum lalaki
Seueur pisan nu ka taji

Dewi Mandalawangi
Putri bungsu almukarom mama kiyai
Nami asli Nur Dewi Siti Andini
Warga desa Mandalangi
Kacamatan Batu Resmi

Ka candak ku ngaran tempat
Nelah dewi mandalawangi
Kembang desa pangmencrangna
Nu matak sarua pamuji

Karamahan jeung bageurna
Tos janteun sabiwir hiji
Terlahir darah kiai
Seueur dipiserab jalmi

Katineung

Girimis nu jadi saksi
Lalakon urang duaan
Waktu urang babarengan
Ngaleupas kasono ati
Ngaleupas katineung asih

Kiwari tinggal waasna
Mun nyawang mangsa katukang
Meungkeut janggji rek ngajadi
Hanjakal henteu ngajadi
Jodo mah kagungan gusti.

Saliwat anjeun asa nembongan
Ngalangkang mawa kamelang
Kabayang anjeun imut ngaheureuyan
Ngan hanjakal saukur kalangkang

Najan ayeuna urang geus paanggang
Najan janji pasini teu ngajadi
Tapak tilas lalampahan
Urang duaan
Masih narembongan

Mawar Bodas

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
 
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun

Curug Cinulang

Di Curug Cinulang
Bulan bentang narembongan
Hawar-hawar aya tembang
Tembang asih tembang kadeudeuh duaan

Di Curug Cinulang
Batin ceurik balilihan
Numpang kana panghareupan
Cinta urang mugi asih papanjangan

Kabaseuhan cai kaheman
Kaceretan ibun kamelang
Mengket pageuh geter rasa kahariwang
Hariwang cinta urang panungtungan