Tampilkan postingan dengan label Nano S. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Nano S. Tampilkan semua postingan

Colenak

Urang tuang colenak
raos seger matak sehat kana awak
pangaosna cukup ku sapuluh perak
moal rugi ngaluarkeun eusi pesak

Colenak dicocol enak
anu ompong oge teurak
mangga geura carobian
colenak beuleum dadakan

Colenak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istimewa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan seep tilu piring

Colenak dicocol enak
kakoncara sabuana
kaolahan urang Sunda
warisan kolot baheula


Tibelat

Ukur sareret teuteup saliwat
Tapi duriat tumapel masket

Matih lir peurah diri sumerah
Kumambang asih
Neang pangeunteupan deudeuh

Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna
Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna

Kamana atuh kamana
Neang manehna
Metik atina
Sareret jeung saliwat
Mawa tibelat
Sesah hilapna

Reret manehna
Teuteup manehna
Seukeut pamorna
Ngahudang cinta

Gandrung tibelat
Liwung kabandang
Hate micangcang
Beurang jeung peuting

Raray kagambar
Hate gemeter
Hayang patepung
Sugan asih bisa nyanding

Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna
Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna

Kamana atuh kamana
Neang manehna
Metik atina
Sareret jeung saliwat
Mawa tibelat
Sesah hilapna

Jamparing asih
Nembus kadeudeuh
Daya asmara
Kembangna cinta

Cipt. Nano S