Kembang Tanjung Panineungan

Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Dipakarangan nu reumis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep
Geus opat tahu ka tukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung reujeung hidep
Bet henteu sangka, aya nu dating
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
Nu opat poe teu mulang ngepung gunung
Pager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun, dipulangkan
Harita waktu layonna geus dating
Ema ceurik ieuh balilihan
Ras ka hidep ieuh na kandungan
Utun inji budak yatim, deudeuh teuing
Harita waktu layon geus di gotong
Ema inget ieuh kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieuh ti duaan
Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna ngan ku hariring
Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung
Eh kembang tanjung
Nu nyengitan pakarangan
Nu nyengitan hate urang, panineungan

Tidak ada komentar: