Asa Can Lami

Asa can lami
asa kamari
urang tepung maheutkeun jangji pasini
urang lawung mupusti kaheman ati

karaos endah
karaos linduh
kedal lisan haliwu getering kalbu
tigin asih rumaket niat satuhu

cinta teh wening
cinta teh agung
gentring hariring
beurang jeung peuting

cinta teh sora
cinta teh rasa
dumeling asri
sungkeman ati

cinta teh wening
cinta teh agung
gentring hariring
beurang jeung peuting

cinta teh sora
cinta teh rasa
dumeling asri
sungkeman ati

asa can lami
asa kamari
urang satujuan
nyungsi pangharepan


Tidak ada komentar: