Cucu Deui

Tok ketok ketok sora panto diketok
tok ketok ketok sora panto diketok
diri muyung pikir bingung
gering nangtung ngalanglayung
nu didagoan si Mimin
torojol Cucu deui

tok ketok ketok sora panto diketok
tok ketok ketok sora panto diketok
kalabaan kaedanan
henteu puguh rarasaan
nu harepkeun si Mimin
torojol Cucu deui

unggal rek sare miharep mimpi papanggih jeung Mimin
anu datang ngadon si Cucu
ngawani-wanikeun duit rek nganjang ka imah Mimin
ditengah jalan dicegat Cucu

tok ketok ketok sora panto diketok
tok ketok ketok panto hate diketok
daripada jadi jangar
nu tungtungna matak aral
geus kapalang nasib sial
ya sudah, Cucu sajah

Tidak ada komentar: