Alung-alung - Suryana Fatah

Haiya hapunten anu kasuhun Kasalarea anu denge ieu lagu
Terutama ka aceuk-aceuk akang-akang Bisi aya anu rasa ka singgung ku Oe
Sabab Oe arek balajar tembang Lamun ceuk barudak ayeuna teamah arek
babaung meureun
Haiya boleh dengar hah

Ue tumpak beca keliling-liling
Calana butut tuluy ka Alung-alung
Di Alung-alung aya kantor pulisi Kantor pulisi nyaeta seksi hiji

Aya aceuk-aceuk jeung akang-akang Di Alung-Alung bari pakaleng-kaleng
Matak kabita meureun ngeunah kacida Oe jadi kabita, betah di Alung-alung

Calana barutut keur diomean digeleng setum diawuran kaliki
Batu laleutik disada pating derekdek Gandeng teu katulungan, gandeng
teu katulungan
Jalan geus di setum beca ngageleser teu salah tumpak roda
abrug-abrugan Nepi ka Oe nunutan henteu karasa Nyaho eukuer
ngeukeupan nangkeup indung Si Kucrit.

Calana barutut keur diomean digeleng setum diawuran kaliki
Batu laleutik disada pating derekdek Gandeng teu katulungan, gandeng
teu katulungan
Jalan geus di setum beca ngageleser teu salah tumpak roda
abrug-abrugan Nepi ka Oe nunutan henteu karasa Nyaho eukuer
ngeukeupan ngeukeupan indung Si Kucrit

Haiya Oe sampai teu karasa ngalamun iyeuh
Dirasa Oe teh dimana atuh
Sing horeng di Alung-alung
Oe sedeng jalan-jalan jeung indung barudak jadi diajak pulang pelesir
kaditu kadieu
Aduh resep iyeuh kacida resepna. Haiya

1 komentar:

Unknown mengatakan...

Nyuhunkeun Lirik Pais Kutu Atuh Kang hehehee